Cai kalapa, prahna amis. Mun diinum matak seger, kalan-kalan
sok hayang regot deui regot deui nginum. Tapi di Desa Jelegong Kacamatan
Rancaekek mah cai kalapa teh asin. Atuh bororaah hayang leguk deui leguk deui. Nginum
saeutik ge rada ngelel letah teh.
Teu percaya asalna mah Mang
Ape ge barang H. Jana, Ketua Kelompok Tani Desa Jelegong nyebutkeun yen cai
kalapa nu aya di lemburna beda rasana jeung cikalapa di wewengkon sejen.
“Mangga geura cobian,Yi,” pokna. Kituna teh bari nerekel kana tangkal kalapa
tukangeun bumina Ny. Titin, ibu guru urang Jelegong.
Sanggeus dipurak jeung ditotorkeun kana gelas, katingali
caina memang rada “aneh”. Caina teh teu herang, tapi semu koneng. Barang
diicip-icip, enya we rasana rada asin. “Buktos pan, Yi?” Ny. Titin nu ngahaja
diajak ngobrol nanya. Mang Ape unggeuk.
Boh H. Jana boh Ny. Titin netelakeun yen rasa cikalapa di lemburna jadi asin teh geus lila.
Pangna rasana kitu, lain pedah jenis kalapana beda ti nu sejen, tapi alatan eta
kalapa geus lila teuing kakontaminasi ku cai limbah pabrik nu dugdeg di Kawasan
Rancaekek. Boga kacindekan kitu teh, cenah, sabab samemehna mah cikalapa bogana
teu sing asin kawas ayeuna. Asalna mah amis we cara nu sejenna.
Tangtu wae cikalapa asin teh lain hiji-hijina “fenomena aneh”
di Rancaekek. Aya keneh nu sejenna, antarana wae hinyainya sakabeh sumur nu aya
di opat lembur di Rancaekek nyaeta Jelegong, Linggar, Sukamaju jeung Bojongloa.
Sajaba ti hinyai, eta cai teh bau deuih.
Lantaran kitu kaayaanna, geus aya kana lima taunna leuwih,
urang dinya ukur make cai sumur keur nyeuseuh atawa ngumbah wadah wungkul. Ari
keur kaperluan mandi jeung nginum mah, arinyana meuli cai kemasan atawa meuli
cai ti nu bisnis cai ka lembur, saminggu sakali.
Kira opat bulan ka tukang, warga di opat desa tadi narima
sumbangan wadah cai (torn) ti hiji pabrik tekstil nu anggangna ti lembur kurang
leuwih opat kilometer. Tapi sumbangan teh ukur tornna wungkul. Ari caina mah
henteu. “Sakedahna mah sakantenan sareng caina, sanes wadahna wungkul,” pokna
Ny. Titin.
“Fenomena” sejen, nyaeta ruksakna kurang leuwih 753 hektar
pasawahan bogana urang Rancaekek. Padahal puluhan taun ka tukang mah, eta
pasawahan teh lendo naker jeung bisa makayakeun nu bogana.
Rebuan warga di Rancaekek yakin naker yen nu ngabalukarkeun robahna “alam” teh
nyaeta pabrik nu dugdeg teu jauh ti lemburna. “Abdi yakin pabrik nu gaduh
dosana,” cek H. Jana. Parandene kitu, ari manajemen sawatara pabrik mah geuning
narah disebut geus ngalantarankeun robahna
rasa cai kalapa, warna cai sumur
jeung ruksakna manghektar-hektar pasawahan di Rancaekek. (kantos dimuat dina GALURA) ***
0 Comments