Monday, November 3, 2014

Cai Kalapa Asin Jeung Sumur Nu Hinyay

Cai kalapa, prahna amis. Mun diinum matak seger, kalan-kalan sok hayang regot deui regot deui nginum. Tapi di Desa Jelegong Kacamatan Rancaekek mah cai kalapa teh asin. Atuh bororaah hayang leguk deui leguk deui. Nginum saeutik ge rada ngelel letah teh.
Teu percaya asalna mah Mang Ape ge barang H. Jana, Ketua Kelompok Tani Desa Jelegong nyebutkeun yen cai kalapa nu aya di lemburna beda rasana jeung cikalapa di wewengkon sejen. “Mangga geura cobian,Yi,” pokna. Kituna teh bari nerekel kana tangkal kalapa tukangeun bumina Ny. Titin, ibu guru urang Jelegong.

Sanggeus dipurak jeung ditotorkeun kana gelas, katingali caina memang rada “aneh”. Caina teh teu herang, tapi semu koneng. Barang diicip-icip, enya we rasana rada asin. “Buktos pan, Yi?” Ny. Titin nu ngahaja diajak ngobrol nanya. Mang Ape unggeuk.
Boh H. Jana boh Ny. Titin netelakeun yen rasa  cikalapa di lemburna jadi asin teh geus lila. Pangna rasana kitu, lain pedah jenis kalapana beda ti nu sejen, tapi alatan eta kalapa geus lila teuing kakontaminasi ku cai limbah pabrik nu dugdeg di Kawasan Rancaekek. Boga kacindekan kitu teh, cenah, sabab samemehna mah cikalapa bogana teu sing asin kawas ayeuna. Asalna mah amis we cara nu sejenna.
Tangtu wae cikalapa asin teh lain hiji-hijina “fenomena aneh” di Rancaekek. Aya keneh nu sejenna, antarana wae hinyainya sakabeh sumur nu aya di opat lembur di Rancaekek nyaeta Jelegong, Linggar, Sukamaju jeung Bojongloa. Sajaba ti hinyai, eta cai teh bau deuih.
Lantaran kitu kaayaanna, geus aya kana lima taunna leuwih, urang dinya ukur make cai sumur keur nyeuseuh atawa ngumbah wadah wungkul. Ari keur kaperluan mandi jeung nginum mah, arinyana meuli cai kemasan atawa meuli cai ti nu bisnis cai ka lembur, saminggu sakali.
Kira opat bulan ka tukang, warga di opat desa tadi narima sumbangan wadah cai (torn) ti hiji pabrik tekstil nu anggangna ti lembur kurang leuwih opat kilometer. Tapi sumbangan teh ukur tornna wungkul. Ari caina mah henteu. “Sakedahna mah sakantenan sareng caina, sanes wadahna wungkul,” pokna Ny. Titin.
“Fenomena” sejen, nyaeta ruksakna kurang leuwih 753 hektar pasawahan bogana urang Rancaekek. Padahal puluhan taun ka tukang mah, eta pasawahan teh lendo naker jeung bisa makayakeun nu bogana.
Rebuan warga di Rancaekek yakin naker  yen nu ngabalukarkeun robahna “alam” teh nyaeta pabrik nu dugdeg teu jauh ti lemburna. “Abdi yakin pabrik nu gaduh dosana,” cek H. Jana. Parandene kitu, ari manajemen sawatara pabrik mah geuning narah disebut geus ngalantarankeun robahna  rasa  cai kalapa, warna cai sumur jeung ruksakna manghektar-hektar pasawahan di Rancaekek. (kantos dimuat dina  GALURA) ***


No comments:

Arsip

  • ()
  • ()
Show more